Bewara Tempat

Scientia14 views

Bewara Tempat

Parantos heubeul tutur pinuhun para sepuh kolot baheula teh, dina ngamumule wilayah atawa kampung nu di cicingan papada urang ayeuna.

Malih jigana ku loba kasibukan jeung rupa pacabakan ikhtiar usaha papada deungeun, kaasup urang kabeh, geus kapohokeun.
Antukna, regenerasi roh akal-budi teh, maksadna piwuruk kaarifan lokal kaasup budaya masyarakat teh, akhirna bisa leungit, atawa jauh tina pikiran para generasi muda.
Angot deui, para guru sakola negeri nu pantesna jadi tempat nitiskeun elmu jeung pangaweruh kaluhuran akal-budi geus sikep na pragmatis komo deui oportunis (maksudna, asal ngajar, ngudag target ngeunah dewek), teu diresapkeun kana akal-budi barudak nu jadi siswa didikna.
Makana aya istilah….murid kiih lumpat akibat oknum guru kiih nangtung.

(2) Bewara Tempat Padumukan.

Kaharti dina transformasi nilai kaluhuran akal-budi, diantarana ngadidik generasi, teu cukup tanggung jawab guru, tapi utamana para orangtuana.

Nyaeta loba ortu, mindset-na pola pikirna cukup ku nyakolakeun, cukup ku nyumponan daharna, sangkan waringkas, sehat ku lahirna nu akhirna dewasa jeung supaya gede wawanen komo bisa alus ngala milikna.

Tapi niatkeun kitu teh, leuheung mun gen darah ortuna alus kajaga, sehat w.afiat teu mikeun panyakit.

Teu saeutik di zaman kiwari loba ortu dina kahirupan laku lampahna pinuh ku mamala. Tegesna mah goreng adat, jeung awuntah ku pari polahna.

Nu ujung na mah teu nye’ke’l papagon agama. Nyiar kaharaman teh jiga euweuh dosa, adigung ku payung butut teh diagulkeun. Padahal sikep kitu teh bisa nyilakakeun dirina. Teu kena kana awak, malah bisa ngabalik akal- budina nu katelah rusak mentalna.

Maka akibatna, rusak tatanan jeung norma atikan masyarakat.
Perilaku korup, ngeunah dewek, asa aing boga, jumawa, gede hulu jeung sajabana goreng patut, aya dina pikiranna.
Tah eta teh, sifat teu hade kitu teh, antukna nularkeun gen ka budakna.

Dina bhs. Agama kasebut, mendzalimi dirinya sendiri……
Tah kitu resiko laku lampah goreng teh, lain wae ngabalukarkeun deungeun, tapi oge ngabalukarkeun lingkungan masyarakat jadi cacat ku loba kagorengan.

Anekdot hampa diri ku teu bisa ngabedakeun atawa teu bisa nyingkah ku kagorengan prilaku teh, bisa oge ku imbas modernisasi. Didieu loba ortu teu awas diri ngajaga lingkaran keluargana. Contoh nyata, narkoba, judi online, dahar hayang ngeunah wae, balukar jadi panyakit di kahirupan kaluarga jeung di masyarakat.
Hal ieu teh malah geus jadi kaprihatinan pemerhati sosial masyarakat oge pamarentah.

Kitu na kudu papada neuleuman jati-diri, khu nosusna sumbangsih para ortu dina ngabina kaluarga boh dina ngawariskeun papagon agama, jeung nilai kaarifan lokal. Nu saestuna pinuh ku laku lampah hade, linuwih adiluhung, alamiah oge ku jembar kabijaksanaan.
Contoh nyata di Kab. Tangerang saleresna pinuh ngeusi ku pitutur Karuhun. Ngareksa adab diri urang kabeh kumbuh hirup sauyunan di masyarakat. Nu ujungna nyinarkeun harmoni, selaras, berdaya, agamis, beradab budaya gotong royong, loba nyaah pitulung oge sauyunan.
Sapertos ngaran kampung di pipiran atawa pasisian Tangerang aya kampung Sindang panon, nu hartina nyaluyukeun tetempoan kahadean titingalian soca (dua mata) dibahasakeun ku Sindang (pen.unggah bhs. Sunda).

Oge aya kampung di aranan Tjarangpulang, nu nandakeun ilahar balik di dinya tempat. Pedah ku tiis binari teu rame ku jiga di kota.
Kitu deui aya kampung nu katelah Rumpaksinang ( pen.rumpak padanan kebersamaan). Ari bahasa Sinang disebat, para saderek atawa anjeun pribados.
Didinya peranan bahasa teh adalah cerminan adab masyarakatna —- Dina ngajaga kehormatan individu boh kehormatan terhadap mileu masyarakat.
Kituna urang sadaya, teu nyandingkeun keutamaan itu dinilai dari materi atau gelar semata.

Tapi utamanya, kahormatan teh kuduna dinilai ku laku lampah muthmainnah. Nyaeta jiwa jiwa nu bisa nahan amarah, hawa nafsu jeung teu awuntah (sederhana) ku premis apa jargon nu ilahar na hanya cassing belaka.
Wallahualam.
Wass.(Anwar)